B. Daerah

Pertanyaan

subutkan ciri ciri carita babad??

1 Jawaban

  • Kategori Soal : Bahasa Sunda - Dongeng
    Kelas : VII (1 SMP)
    Pembahasan :

    Ciri-ciri carita babad nyaeta carita anu ngabogaan unsur-unsur carita sajarah, anu nyaritakeun kawanian, kapahlawanan, kasaktian sarta kaajaiban hiji jalma. Carita babad biasana mangrupa carita ngeunaan peperangan di jaman baheula, anu umumna eusi caritana panjang jeung nyaritakeun kapahlawanan, jalma sohor anu legendaris. Conto carita babad nyaeta saperti dongeng Prabu Siliwangi jeung Dipati Ukur.

    Carita babad mangrupa salah sahiji rupa dongeng. Aya sawatara rupa dongeng, nyaeta dongeng fabel, parabel, mite, legenda jeung sage atawa babad. Dongeng nyaeta karya sastra dina wangun prosa. Dongeng kaasupna kana prosa buhun. Aya dua rupa prosa, nyaeta prosa buhun jeung prosa modern. Conto prosa buhun lianna salian ti dongeng nyaeta carita wayang. Sedengkeun conto prosa modern nyaeta novel jeung carita pondok atawa carpon.

Pertanyaan Lainnya