jelaskeun naon hartina wawaran ?
Pertanyaan
1 Jawaban
-
1. Jawaban ilukman
Dina basa Sunda, wawaran nyaeta tulisan anu kalimahna mangrupa kalimah panitah, kalimah panyaram atawa kalimah pangajak, saperti kalimah panitah supaya nutupkeun deui panto umpama kaluar ruangan, kalimah panyaram ulah miceun runtah ka susukan, atawa kalimah pangajak ngajaga kaberesihan, jeung sajabana.
Wawaran teh biasana ditempatkeunana di tempat umum anu aya hubunganana jeung eusi eta wawaran. Tempat umum anu sok biasa dipasang wawaran nyaeta saperti sakola, rumah sakit, mesjid, mall, bandara jeung sajabanati eta. Conto eusi wawaran nyaeta saperti :
1. Ulah miceun runtah di dieu!.
2. Hayu urang jaga kaberesihan tempat ieu!.
Belajar lebih banyak tentang "Wawaran" dalam bahasa Sunda di :
https://brainly.co.id/tugas/8034887
https://brainly.co.id/tugas/8078029
https://brainly.co.id/tugas/3808244
Kategori Soal : Bahasa Sunda - Wawaran Jeung Iklan Layanan Masarakat
Kelas : VII (2 SMP)
Kata Kunci : Wawaran, basa Sunda