contoh 5 narjamahkeun tina basa indonesia ka basa sunda
Pertanyaan
1 Jawaban
-
1. Jawaban ilukman
Narjamahkeun nyaeta mindahkan hiji tulisan anu make hiji basa kana tulisan lianna atawa anyar anu ngagunakeun basa lian anu beda jeung basa asalna. Aya dua hal penting anu perlu diperhatikeun dina narjamahkeun anu bener nyaeta yen ari narjamahkeun teh kudu endah jeung satia, naon maksudna?.
Pembahasan
Narjamahkeun teh kudu endah, maksudna nyaeta yen hiji tulisan bisa mangrupakeun karya sastra anu ngandung kaendahan, ku kituna dina mindahkeun hij tulisan kana tulisan lianna anu basana beda kudu bisa mindahkeun "kaendahan" basa sastra anu aya dina eta tulisan.
Sedengkeun anu dimaksud narjamahkeun teh kudu "satia", hartina nyaeta yen dina narjamahkeun teh ulah aya kekecapan anu hartina dipengkolkeun atawa hartina kapengkolkeun kana harti anu lianna. Lamun nepi ka aya kekecapan anu hartina dipengkolkeun atawa hartina kapengkolkeun kana harti anu lianna, hartina anu narjamahkeun teh henteu satia.
Salian yen narjamahkeun teh kudu endah jeung satia, dina narjamahkeun kana basa Sunda aya hal lain anu kudu diperhatikeun, nyaeta ragam basa anu digunakeun. Dina basa Sunda aya dua ragam basa nyaeta ragam basa hormat / lemes jeung ragam basa loma.
Di handap ieu contoh narjamahkeun lima kalimah tina basa Indonesia ka basa Sunda :
- Kakak saya sedang pergi ke Bandung = Pun lanceuk nuju angkat ka Bandung (ragam basa hormat)
- Saya sedang pergi ke Bandung = Simkuring nuju mios ka Bandung (ragam basa hormat)
- Amir sedang makan di rumahnya = Amir keur dahar di imahna (ragam basa loma)
- Saya sedang makan di rumah saya = Kuring keur dahar di imah kuring (ragam basa loma)
- Pak Guru sedang makan di kantin sekolah = Pa Guru nuju tuang di kantin sakola (ragam basa hormat)
Pelajari lebih lanjut
- Naon anu dimaksud tarjamahan https://brainly.co.id/tugas/11202253
- Cara narjamahkeun anu bener https://brainly.co.id/tugas/12057187
- Bedana tarjamahan jeung saduran https://brainly.co.id/tugas/13624141
__________
Detil Jawaban
Kelas : XII
Mapel : Bahasa Sunda - Tarjamahan
Bab : 4
Kode : 12.13.4
Kata Kunci : Narjamahkeun